Sabtu, 03 Agustus 2013

puisi cinta ketika do'a berpanjat

INDUNG ANU NGANDUNG
muterna jarum jam.....
menit,detik,jam
poe,minggu,bulan,taun....
marengan sajarah nu kaliwat

mun datang mangsa kahareup...
mun ngaliwat mangsa nu geus liwat...
jerit hate...
koceak manah...
3 taun di tinggalkeun....

waktu geus ngajawab...
tetela dosa pamohalan bisa di tebus...
kiwari lalangse hate 
ngomong.....
 bener ceuk indung
saucap nyata saciduh metu....
 hampura ujang maaaa....
teu bisa nurut ngagugu kana titah ema
hampura ujang maa....
teu bisa ngagugu kana papatah ema
hampura ujang maaa...
can bisa nyugemakeun....

tutunggul....
pusara....
taneuh.....

ci panon nyakclakan hareupeun kuburan.......
teu daya teu upaya....

gusti hampura dosa-dosa ema..
gusti caangkeun alam kuburna...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar